
Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru. Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin …
Laporan ieu di judulan ku SAJARAH CIANJUR. Panyajian anu aya dina laporan ieu nyaeta kabudayaan-kabudayaan anu aya di Cianjur, anu tujuanna pikeun nyumponan pancen UTS ti Dosen Budaya Jeung basa Sunda. Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun ngembangkeun kanyaho urang kana budaya-budaya di daerah, khususna daerah Cianjur.
Saleres-leresna laporan ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring. Kumargi kitu simkuring anu nyusun kana laporan ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa/Ibu Dosen Mata Kuliah pikeun nyampurnakeun laporan ieu pikahareupeun.
Tungtung basa, simkuring ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa/Ibu Dosen anu parantos ngabimbing simkuring kana nyusunna ieu laporan. Oge simkuring salaku anu nyusun ieu laporan ngaharepkeun supaya ieu laporan teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun kabudayaan di Cianjur, sangkan kabudayaan di Cianjur moal leungit, sareng tiasa manfaat kanggo para generasi muda sangkan mikanyaah jeung ngalestarikeun sagala ka ayaan jeung potensi anu geus aya di Cianjur, sabab kabudayaan mangrupa warisan ti karuhun anu ulah dileungitkeun. Ku sabab eta, masyarakat jeung pamarentah kudu ngiluan dina ngalestarikeun kabudayaan Cianjur. Kiwari, pamarentah Cianjur geus ngalestarikeun kabudayaan Cianjur anu cukup, tapi kuduna mah leuwih ditingkatkeun deui intensitasna, sahingga rasa nyaah generasi muda moal leungit.
Bandung, November 2010
Panyusun
DAFTAR EUSI
PANGJAJAP........................................................... | i |
DAFTAR EUSI........................................................ | ii |
JUJUTAN SAJARAH............................................. | 1 |
Rundayan Aria Wira Tanu................................. B. Taun 1691.......................................................... C. Taun 1707.......................................................... | 1 9 10 13 |
SAJARAH CIANJUR............................................. | 18 |
A. Sistem Teknologi Jeung Alat Produksi.............. 1. Cendramata................................................. a. Lentera Gentur..................................... b. Kerajinan Awi jeung Keramik............. c. Kacapi Jeung Suling............................ d. Kujang, Senjata Tradisional................. 2. Agrowisata.................................................. a. Taman Nasional Gunung Gede Pangrango............................................ b. Kebon Raya Cibodas........................... c. Istana Presiden Cipanas....................... d. Taman Mandala Kitri........................... e. Kota Bunga.......................................... f. Taman Bunga Nusantara...................... g. Obyek Wisata Ziarah Makam Dalem Cikundul............................................... h. Danau Cirata........................................ i. Laut di Cianjur Kidul........................... j. Perkebunan Teh Puncak....................... k. Pusat Belanja Wisata........................... 3. Kadaharan Khas.......................................... a. Beas Pandanwangi............................... Kandungan Giji.................................... Sentra Produksi.................................... Daerah Sentra Produksi....................... Pemasaran............................................ Kontak Bisnis....................................... b. Tauco Jeung Manisan.......................... 4. Ciri Imah Nu Aya di Cianjur...................... | 21 21 21 22 22 24 26 27 29 31 32 32 33 33 34 34 35 35 36 36 37 38 38 39 39 41 42 |
B. Unsur Sistem Basa............................................. | 45 |
C. Unsur Sistem Agama......................................... | 45 |
D. Unsur Sistem Pengetahuan................................. 1. Maos (Maca)............................................... 2. Ngaos (Ngaji Qur’an)................................. 3. Mamaos (Tembang Cianjuran)................... 4. Maenpo (Silat)............................................ 5. Ngibing (Tari Tradisional).......................... 6. Seueur Artos................................................ | 46 46 47 47 47 49 50 |
E. Unsur Pakasaban................................................ F. Unsur Sistem Kamasyarakatan.......................... Kawinan Adat Sunda......................................... G. Unsur Kasenian.................................................. 1. Tembang Cianjuran..................................... 2. Seni Rengkong............................................ 3. Kuda Kosong sebagai simbol keperkasaan................................................. | 50 53 53 57 57 58 59 |
KACINDEKAN & SARAN.................................... A. Kacindekan......................................................... B. Saran................................................................... | 61 61 62 |
RUJUKAN............................................................... | 63 |
JUJUTAN SAJARAH
- TAUN 1529
Talaga direbut ku Cirebon ti Nagara Pajajaran, dina raraga nyebarkeun agama Islam. Ti harita rahayat Talaga loba nu ngagem agama Islam, tapi raja-rajana mah ngagem kénéh agama karuhunna, nya éta agama Hindu. Anapon raja-rajana téh nya éta:
Sunan Ciburang kagungan putra Aria Wangsa Goparana. Aria Wangsa Goparana téh nunagawitan lebet Islam diantara kulawargana. Ku sabab teu disatujuan ku nu jadi kolot, kapaksa Aria Wangsa Goparana ninggalkeun karaton Talaga tuluy angkat ka Sagalahérang. Di dieu Aria Wangsa Goparana ngadegkeun nagari (sansk = Desa, Bld = negorij).
Ku sabab Talaga direbut ku Cirebon ti taun 1529, rahayat Talaga disebut ogé rahayat Cirebon. Ku kituna, daérah Sagarahérang rahayatna disebut rahayat Cirebon. Aria Wangsa Goparana tilar dunya dina tungtung abad ka ka-17, dimakamkeun di kampung Nangkabeurit, kacamatan Sagarahérang, kabupatén Purwakarta. Turunanana nya éta:
· Djayasasana, · Wiradwangsa, | · Yudanagara, · Santaan Yudanagara, jeung · Nyi Murti. |
Aria Wangsa Goparana satuluyna nurunkeun katurunan nu mibanda gelar Wira Tanu jeung Wira Tanu Datar sarta rundayanana. Anakna nu ka-hiji, Djayasasana, sanggeusna sawawa ninggalkeun Sagarahérang ka Cijagang. Taya katerangan nu leuwih écés perkara pindahna Djayasasana. Tapi aya sababaraha data nu bisa dipaké pikeun ngira-ngira waktu pindahna Djayasasana, diantarana:
“Suatu cerita rakyat, yang diolah oleh Walbeehm, mengatakan bahwa atas perintah seorang raja dari Mataram batas sebelah barat harus dijaga terhadap banten (demikian juga Van Rees), yang menempatkannya pada masa Tegalwangi. Cerita lain dari Holle, mengatakan bahwa ketika sensus oleh Puspawangsa ternyata ada 1100 cacah dibawah pimpinan Wira Tanu, 200 diantaranya diperintahkan oleh Mataram pergi ke Cianjur untuk menjaga batas, dibawah pimpinan dari Cirebon.”
Katerangan di luhur dipairan ku de Haan kalayan alesan yén Cianjur harita mah can aya, aya dina sajarah sotéh taun 1678, nya éta dina surat bupati sumedang ka VOC (D.20 Januari 1678)[3]. Pamanggih de Haan kurang leuwih jiga kieu:
“Pemberian tahu yang pertama kali tentang Cianjur adalah D.20 Januari 1678 dalam surat bupati Sumedang: Mereka dari Cirebon telah menduduki pegunungan Cimapag dan pegunungan Cianjur…….”
Satuluyna de Haan nétélakeun:
“(………..adalah tidak mungkin bahwa disini yang dimaksud adalah didirikannya Cianjur, dimana tidak perlu dipikirkan sebagai kolonialisasi dari Ibu Kotanya, Cirebon.)”
Atra di dieu yén pamanggih de Haan museur kana dipakéna ngaran Cianjur. Ceuk pamanggih de Haan mah dipakéna ngaran Cianjur téh gurunggusuh teuing harita mah. Cianjur can aya dina sajarah. Tapi sok sanajan ngaran Cianjur can dipaké, lain hartina yén dina kanyataan Cianjur téh acan ngadeg. Bisa waé cianjur téh geus aya, ngan nu kacatet data sajarah beunang Walanda mah dina D.20 Januari 1678.
Nu perlu diperhatikeun ogé, yén de Haan teu méré pairan ngeunaan sensus nu dilaksanakeun ku Puspawangsa. Kunaon ieu sénsus téh dianggap penting? Ku sabab ku ayana sénsus Puspawangsa ka masarakat nu dipingpin ku Djayasasana, ngabuktikeun yén rahayat Djayasasana geus aya jeung matuh di; sebut waé daérah “X”, nalika dilaksanakeun sénsus. Jeung ieu sénsus téh diayakeun kurang leuwih taun 1655 di daérah “X”. Sakumaha de Haan nétélakeun:
“Ini mengingatkan perhitungan Puspawangsa tadi telah berlangsung setelah ada periode tenteram yang cukup di bawah Sunan Tegal Wangi:…………….terjadi pada masa Wiradadaha I.”
Dina katerangan di luhur, dé Haan ogé ngahaminan ayana kolonisasi rahayat Djayasasana, samalah numutkeun de Haan, meureun kolonisasi nu dimaksud téh lain ti Cirebon. Sunan Tegal Wangi nyepeng kakawasaan ti 1645-1677 jeung Wiradadaha I taun 1614 – 1674. Atuh saupama kitu mah sénsus Puspawangsa téh mémang lumangsung di daérah “X” dina taun + 1655.
Bisa dicindekkeun yén Djayasasana geus matuh di daérah “X” ti saméméh taun dilaksanakeunna sénsus taun 1655. hasil sénsus Puspawangsa nuduhkeun aya 1100 urang atawa + 300 umpi, mangrupa hiji kumpulan masarakat anu dina basa walanda disebutna volkgemeenschap kalayan Djayasasana minangka pingpinanana. Saréngséna diitung ku Puspawangsa, 200 rahayat Djayasasana diparéntah ku Mataram ngajagaan wates kulon. Senapatina Djayasasana. Ti harita Djayasasana disebut Wira Tanu, nu mibanda harti senapati. Rahayat (cacah)-na disebut ogé cacah Wira Tanu.
“Daérah “X” aya di antara Cisadané jeung Citarum, nu ku Jan Pieterszoon Coen mah asup yurisdiksi Batavia, sok sanajan anggapanna ngan sapihak. Ku kituna, daérah “X” jadi bagian pikeun nahan serangan ka Batavia. Daérah “X” téh asup kénéh kana wengkuan kakawasaan Mataram, ngan kusabab tempatna pangjauhna ti Puseur Dayeuh Mataram, kakawasaan Mataram téh ngan karasa hawar-hawar. Katurug-turug nalika daérah “X” dina taun 1652 dipasrahkeun hak pakaina ka VOC, antukna kakawasaan Mataram beuki nyirorot baé. Préténsi Mataram ka daérah “X” nyirorot pisan nepika level 0 nalika taun 1677, ku sabab dumasar kana kontrak Mataram jeung VOC tanggal 25 Februari 1677.
Terus kumaha atuh jeung rahayat Wira Tanu anu tadi kasabit-sabit salila kurang leuwih 30 taun nya éta antara taun 1655 - 1584? Ku lantaran kakawasaan Mataram nyirorot, Pasualan-pasualan sosial saperti bencana alam, wabah kasakit, jeung utamana perang téh teu karandapan nepika rahayat Wira Tanu bisa mekar. Jumlah rahayatna nambahan + jadi 2000 urang. Wira Tanu disebut ogé Dalem (wld = regent) dumasar kana jumlah masarakat nu dipingpinna. Éta hal ditétélakeun dina D. 24 Januari 1680, jadi saméméhna ogé Wira Tanu téh geus mingpin “regentschap” (satuan wilayah satingkat pedaleman atawa kabupatén).
Eusi D. 24 Januari 1680 nya éta saperti kieu:
“………medebrengende een brieffje of javaanse lontor door gemelte javanen te lande van den regent Aria Wira Tanoe uyt de negorye Tsitanjor,……..” anu pihartieunana kira-kira saperti kieu:
(……….mawa surat lontar Jawa ku urang Jawa ti regent Aria Wira Tanu ti negorij Cianjur).
Aya sababaraha catetan penting tina katerangan di luhur:
· Nu dimaksud negorij téh nya éta tempat mukim, ku kituna regenschap téh salasahiji negorij. Jadi regentschap téh mangrupa negorij, sedeng negorij téh can tangtu regentschap. Begorij bisa mangrupa babakan atawa kampung. Ku kituna saupama aya negorij di jero negorij urang sebut waé sub-negorij atawa “onder negorij.”
· Tina poin nu ka-hiji bisa dicindekkeun yén “negorye Tsitsanjor” mibanda harti “regentschap” Cianjur. Teu mungkin sub negorij Cianjur kusabab:
· Wira Tanu nganjrekna di Cikundul (sub-negorij), lain di Cianjur.
· Sub negorij mah Cianjur mah dipingpinna ku “Kingwey” (Ki ngabehi) Santaparana anu gugur dina perang ngalawan Banten (D.24 Januari 1980)
Perlu ditandeskeun, yén mangsa harita kakawasaan wira Tanu diangkat sacara sosial ku masarakatna, jadi moal aya bungkeuleukan surat kaputusana, upamana ti piha VOC atawa Mataram. Kakawasaan Wira Tanu harita ngawengku +14 Negorij nu biasa disebut umbul atawa cutak. Ku kituna, turunan Wira Tanu nu ka hiji (Wira Tanu II) satuluyna jadi ahli waris dalem anu ka-dua, tapi anu mimiti dina mangsa kakawasaan VOC sacara de facto jeung de jure Walanda taun 1691 – 1707.
RUNDAYAN ARIA WIRA TANU
Dalem Aria Wira Tanu tilar dunya antara taun 1681 – 1706, boga turunan 10 urang, nya éta:
· Dalem Anom (Aria Natamanggala) gelar dalem di dieu teu ngandung harti “Regent”, ukur ngaran hungkul;
· Dalem Aria Tirta (di Karawang);
· Dalem Aria Wiramanggala, “Regent” ka-hiji nu dikukuhkeun ku Walanda (VOC), disebut ogé dalem Tarikolot;
· Nyai Mas Kaluntar (Makamna di Dukuh Caringin)
· Nyai Mas Karangan (Makamna di Bayabang)
· Nyai Mas Djenggot (Makamna teu kapaluruh)
· Nyai Mas Bogem (Makamna teu kapaluruh)
Nurutkeun carita rahayat Cianjur mah, aya kénéh turunan Wira Tanu (I) ti garwa nu lain manusa tapi “Jin Islam”, nya éta:
· Radén Suriakancana, nu ngahiang di Gunung Gedé[4]
· Nyai Mas Indang Kancana alias Indang Sukaesih alias Nyai Mas Kara nu ngahiang di Gunung Ceremai
· Radén Andaka Wirusajagad (anu numutkeun naskah Dalem Pancaniti lain putera, tapi puteri nu ngaranna Nyai Indang Radja Mantri), nu ngahiang di Gunung Karawang.
Puterana nu ka-lima, Aria Wiramanggala (Aria Wira Tanu II) nganjrek di Tarikolot Cikalong (R. 4 April 1686) jeung di Cibalagung (R. 6 Mei 1686), anu sok disebut Pasir Wira Tanu. Pangaresep Wira Tanu II téh nya éta tatanén. Aria Wira Tanu II mindahkeun Puseur Dayeuh Cianjur ti Cikalong ka Pamoyanan.
- TAUN 1691
Aria Wira Tanu II ninggalkeun Cikalong. Pindahna téh ka daérah saparat susukan Cianjur, néangan jeung muka lahan pikeun rahayatna. Ieu tempat téh dingaranan kampung Pamoyanan, anu kaasup kana sub-negorij Cianjur. Ku Wira Tanu II kampung Pamoyanan téh dijieun Puseur Dayeuh Cianjur. Kunaon bet dipindahkeun? Aya sababaraha kamungkinan,
Ayana patemon jeung Adolf Winckler anu dina éta patemon Aria Wira Tanu II ngusulkeun sangkan 2 urang lurah jeung 43 cacah dipulangkeun deui ka Wira Tanu II nu dicokot ku Angga Laksana, Umbul Cilaku. Angga Laksana ngawidian. Ku sabab kitu, Aria Wira Tanu hayang ngandeg mandiri, kusabab di Cikalong ayawali pamaréntahanti Cirebon (Aria Sacakusumah), Aria Wira Tanu II ngarasa kurang bébas; Kadatangan Bartel van der Valck, juru ukur VOC anu geus ngukur-ngukur wates wilayah padaleman, atawa; Ayana wangsit saperti diterangkeun tina naskah Kusumaningrat (Dalem Pancaniti) anu kacindekkan eusina kurang leuwih saperti kieu:
Nalika Wira Tanu (II) tatanén di bukit (anu nepika ayeuna dingaranan Pasir Wira Tanu), kadatangan Jin Puteri anu geus rémpo unjukan ka Wira Tanu (II) “Béjakeun ka lanceuk Andika, Dalem Natamanggala (Dalem Anom) , lamun hayang karaharjaan jeung kadigjayaan, sakuduna manéhna ngadegkeun karajaan di belah kidul-kulon ti Cibalagung, deukeut walungan Cianjur, éta mangrupa tempat nu hadé pikeun ngadegkeun karajaan. Di dinya aya pangupakan Badak Putih jeung hadé pisan, saupama éta pangupakan téh diperenahkeun di tengah-tengah Padaleman (Imah)”. Saréngséna kitu, tuluy jin téh ngaleungit. Teu lila torojol lanceukna datang, laju dicaritakeun ku Aria Wira Tanu II ka Dalem Anom naon anu cikénéh karandapan. Satuluyna Dalem Anom nyarita “ Kuring taya niat pikeun indit ti dieu: di dieu kuring ngarasa bagja. “ satuluyna Wira Tanu II ménta widi ka lanceukna pikeun néangan tempat di deukeut susukan Cianjur, geusan ngadegkeun karajaan. Lanceukna nyatujuan. Antukna Wira Tanu II pindah ka Pamoyanan anu satuluyna jadi Puseur dayeuh “Regenschap” Cianjur.
Nu jadi patalékan téh naha bener kadatangan jin saperti anu dicaritakeun di luhur, atawa nu dimaksud jin téh Bartel van der Valck? Dalem Aria Wira Tanu Datar III mindahkeun puseur dayeuh ti Pamoyanan ka Kampung Cianjur.
- TAUN 1707
Dalem Aria Wira Tanu II tilar dunya (R. 12 April 1707), digantikeun ku putra sulungna Astramanggala anu diangkat jadi “Regent” ku VOC kalayan gelar Wira Tanu III atawa Dalem Dicondre. Sanggeusna diangkat, Wira Tanu III pindah ti kampung Pamoyanan ka kampung Cianjur, anu kaayaanana mangsa haritra leuwih maju tinimbang Pamoyanan. Sok sanajan jarak dua kampung éta diwilang deukeut, tapi kahalang kénéh ku leuweung jeung walungan. Ku kituna, nu ngadegkeun kota Cianjur téh lain Wira Tanu II, tapi Wira Tanu III. Konsekuensi séjénna yén kota Cianjur téh dijieun Puseur dayeuh taun 1707. perlu diperhatikeun ogé yén Wira Tanu III lain ngadegkeun cianjur minangka Padaleman atawa Sub-negorij, kusabab dina katerangan saméméhna sub-négorij téh geus ngadeg ti saméméh taun 1680 kénéh, tapi Aria Wira Tanu III ngan saukur mindahkeun puseur dayeuh ti Pamoyanan ka kampung Cianjur. Ieu hal téh lumangsung nalika VOC geus ngajajah Cianjur sacara ‘de facto’ jeung ‘de jure’. Nu matak Aria Wira Tanu III mah diangkat ku VOC, sedengkeun Aria Wira Tanu II mah ukur dikukuhkeun hungkul.
Wira Tanu III punjul dina ngalegaan kultur kopi jeung ngalegaan kabupatén jeung kawijakan. Aya sababaraha catetan nalika jaman kakawasaan Aria wira Tanu III. Wira Tanu III sering ngajukeun préténsi ka Walanda ngeunaan wates wilayah nu sabenerna kaasup wilayah kabupatian anu séjén.
Rahayat Cianjur ngawangun gapura gedé sarupa béntang pikeun kahormatan Wira Tanu III. Belanda ngarasa kasieunan ku éta hal.
Wira Tanu III kungsi ngajukeun gelar “Pangéran Aria Depatty Amancoerat Indator” (Pangeran Aria Dipati Amangkurat Di Datar), nu ngandung harti yén Wira Tanu III nyaruakeun dirina jeung Amangkurat I. Ngan gelar anu dimaksud teu dicumponan ku VOC. Anu dikabulkeun téh ngan “Datar”-na hungkul, nepi ka gelarna jadi Aria Wira Tanu Datar. Kusabab ditarimana éta gelar téh sanggeusna Wira Tanu III tilar dunya, anu maké éta gelar téh ti Wira Tanu Datar IV nepika Wira Tanu Datar VI.
Wira Tanu III ménta ka VOC supaya Citarum dijadikeun wates Cianjur. Ieu hal téh ngandung harti, yén satengahna Bandung jeung Karawang, sarta saparapat ti Parakanmuncang bakal asup ka wewengkon Cianjur. Wira Tanu III keukeuh sangkan wates Cianjur jeung Kampung Baru, Karawang, Bandung jeung Parakanmuncang ditangtukeun. Ieu hal téh bakal ngabalukarkeun daérah tatangga bakal ngurangan. Dina taun 1724 sabagian wilayah Kampung Baru jeung Sagara Kidul asup ka Cianjur; Jampang mah geus ti heula asup ka Cianjur (1715)
Wira Tanu III tilar dunya dina taun 1726 alatan dicondre, kusabab kitu Wira Tanu III sok disebut Dalem Dicondre. Kakawasaan Wira Tanu di Cianjur nya éta nepika Wira Tanu Datar VI atawa Dalem Enoh anu jadi Wira Tanu Datar pamungkas anu jadi bupati di Cianjur.
Tina sababaraha katerangan di luhur, tétéla réa patalina carita rahayat jeung pamanggih ahli sajarah téh. Sok sanajan teu bisa dipastikeun, tapi carita rahayat diperlukeun pikeun babandingan dina nyieun kacindekkan sajarah.
Sajarah Cianjur identik jeung Babad Cikundul, ieu hal dilantarankeun nganjrek jeung dimakamkeunana Aria Wira Tanu I nya éta di Cikundul. Kusabab kitu sering Anu satuluyna ngalahirkeun carita-carita rahayat téh urang Cikundul anu sacara geografis deukeut wewengkonna. Saperti carita populer ngeunaan putera ka-hiji Aria Wira Tanu I tina puteri jin nya éta Éyang Suriakancana anu nepika ayeuna dipupusti urang Cianjur, nepika unggal 17 Agustus sok aya pawai Kuda Kosong anu ceuk béja mah cenah nu numpakanna téh nya éta rohna éyang Suriakancana anu ngageugeuh Gunung gedé jeung Gunung mananggél.
Wawacan, mangrupa salasahiji tradisi tinulis ménak Sunda, kaasup di Cianjur. Salasahijina nyaéta [Kusumaningrat] (Dalem Pancaniti) anu nulis wawacan ngeunaan Babad Cikundul.
Nara sumberna Ujang Ahmad, umur 70 taun.
Sistim arsip nu dipaké harita ku Walanda nu disebut “Dagregister” atawa sok disingget “D” nu hartina catetan poéan. Ieu catetan téh dikokolakeun ku VOC dina bénténgna di Batavia. Ieu sistim arsip téh mibanda kahéngkéran, kusabab sistem nulisna harita lain dilakonan ku cara kelompok, tapi campur, anu balukarna hiji Dagregister bisa ngawengku sababaraha kajadian anu waktuna béda.
Sumber ti nu ku urang Cianjur biasa disebut Éyang Suriakancana anu ngageugeuh Gunung Gedé jeung Mananggél. Sok diayakeun acara ritual pikeun ngahormat Éyang Suryakancana unggal 17 Agustus nu disebut ‘Kuda kosong’
Aya sababaraha versi saéstuna mah dicondrena Wira Tanu III téh, samalah aya nu matalikeun jeung kultur kopi jeung aya ogé anu matalikeun jeung pasualan wanoja ti Cikembar nu geus boga beubeureuh.
SAJARAH CIANJUR
Cianjur mangrupa salasahiji kabupaten nu aya di wilayah Propinsi Jawa Barat anu masarakatna aya 1.931.840 jiwa dina taun 2003 laju pertumbuhan pendudukna 1,48%. Kabupaten Cianjur pernahna antara Jakarta-Bandung. Legana 350.148 Ha jeung sacara administratif pamarentan ngawengku 26 kacamatan, 388 desa jeung 6 kalurahan.
Wates wilayah Kabupaten Cianjur beulah kaler nyaeta kabupaten Bogor jeung Purwakarta, beulah wetan watesna wilayah Sukabumi, wates beulah kulon nyaeta kabupaten Bandung jeung Garut, jeung wates beulah kidul nyaeta jeung Samudera Indonesia.
1. Perisai, ngalambangkeun kuatna pisik jeung mental.
2. Warna dasar kuning emas, ngalambangkeun kahirupan anu abadi.
3. Gunung sagitiga pulas hejo, ngalambangkeun kasuburan.
4. Hamparan pulas bulao nunjukkeun cai anu nga-ambangkeun kasatiaan jeung kataatan.
5. Dua tangkal pare sisilangan jumlahna 17 ngalambangkeun tingtrim jeung dinamika kahirupan masarakat anu ngabogaan Proklamasi Kemerdekaan RI 17 Agustus 1945.
6. Simpul pita pulas koneng, ngalambangkeun sipat persatuan jeung kesatuan.
7. Motto Sugih Mukti, ngalambangkeun kasajahteraan.
Tina geografisna, Kabupaten Cianjur bisa dibagi jadi tilu wilayah, nyaeta:
a. Wilayah Kaler
Ngawengku 16 Kecamatan : Cianjur, Cilaku, Warungkondang, Gekbrong, Cibeber, Karangtengah, Sukaluyu, Ciranjang, Bojongpicung, Mande, Cikalongkulon, Cugenang , Sukaresmi, Cipanas, Pacet jeung Haurwangi.
b. Wilayah Tengah
Ngawengku 9 Kecamatan : Sukanagara, Takokak, Campaka, Campaka Mulya, Tanggeung, Pagelaran, Leles, Cijati jeung Kadupandak.
c. Wilayah Selatan
Ngawengku 7 Kecamatan : Cibinong, Agrabinta, Sindangbarang, Cidaun , Naringgul, Cikadu jeung Pasirkuda.
Kabupaten Cianjur mangrupa salasahiji daerah di Jawa Barat anu miboga kaendahan alam nu matak ngirut ati, hawana, hawa tiis pagunungan kawasan Puncak jeung basisir nu endah di Cianjur kidul nu masih alami jeung asri, sarta budaya tradisisonal anu rineka jeung unik. Kaendahan jeung unikna budaya bisa ditempo tina tujuh unsur budayana, nyaeta unsur:
- SISTEM TEKNOLOGI JEUNG ALAT PRODUKSI
Kota Cianjur miboga rupa-rupaning alat pikeun ngarojong dina kahirupan sapopoe anu mangrupa warisan ti karuhun. Alat-alatna nyaeta:
5. Cendramata
- Lentera Gentur
Lentera gentur dijieun tina kuningan jeung bahan kaca nu designa miboga kaendahan, karajinan eta geus kawentar. Anapon asalna ti warungkondang.
![]() | ![]() | ![]() |
Lampu-lampu ieu di jualna lain di Indonesia wae tapi di kirm ka unggal Nagara. Sabab eta ngaran lampu di sarupakeun jeung Nagara nu mesenna. Saperti lampu model Maroko keur lampu pesenan ti Maroko. Lampu model India keur pesenan ti India. Karajinan lampu gentur ieu ayana di Warung Kondang, Cianjur, Jawa Barat. Dina nyieun na, potongan kaca di cet ku cara di semprot. Satuluyna di bere rangka alumunium jeung dipatri. Hasil lampu hias ieu rupa-rupa kumaha pesenan, aya anu buleud, aya oge anu pasagi.
- Kerajinan Awi jeung Keramik
Korsi jeung meja nu dijieun tina awi mangrupa hasil karya pengrajin Cianjur anu geus kawentas ka sakuliahing Indonesia. Anu nyieun karajinana di Ciranjang.
- Kacapi Jeung Suling
Kacapi mangrupa waditra sunda anu meh aya di unggal daerah di Tatar Sunda. Waditrana ngawengku kacapi (Indung atawa parahu atawa gelung) jeung suling. Lian ti dipintonkeun sacara instrumenatalia, kacapi oge biasa mirig juru sekar nu keur naghaleuangkeun lagu sacara Anggana Sekar atawa rampak Sekar. Lagu anu dipintonkeunna nyaeta: sinom degung, Kaleon, Talutur, Jeung saterusna.
Kacapi Suling kiwari loga dipikaresep ku para pamuda, boh di desa boh di kota. Sabab dina diajarna bisa ngaliwatan kaset atawa rekaman Kacapi Suling nu geus loba nyebar di masarakat.
Kacapi jeung suling nyaeta alat musik nu paling utama pikeun mirig tembang Cianjuran anu mangrupa kasenian khas Cainjur. Kacapi dijieuna tina kai anu teuas jeung kawat tambaga. Bagean-bageanna aya papalayu nyaeta papan bagean luhur, peureut nyaeta alat pikeun nyurupkeun anu dipasang di hareup, jeung inang nyaeta alat anu wanguna kerucut atawa limass anu ditempatkeun dian papalayu. Alat ieu gunana pikeun ngarentangkeun kawat jeung bagean tumpangsari anu pungsina pikeun nyurupkeun. Sedengkeun, suling dijieuna tina awi tamiang. Bagean-bageana nyaeta: sumber (lobang suling bagean luhur), suliwer (tali anu dipurilitkeundina bagean luhur suling), lobang nada (lobang pikeun ngahasilkeun nada).
![]() | ![]() | ![]() |
![]() | ![]() |
- Kujang, Senjata Tradisional
Awalna awahing ku kataji hasil karya kolot baheula, salah sahijina mangrupakeun Kujang (Kujang Pusaka, KudiHyang). Kujang nyaeta warisan budaya Kujang adalah warisan budaya Sunda pra-modern jeung mangrupa senjata, jimat, alat atawa multifungsi lainna. Kujang mangrupa senjata tradisional Sunda (Jawa barat) jeung dipercaya miboga kakuatan magis. Sawatara panalungtik ngungkarakeun yen istilah kujang asal kecapna tina Kudihyang jeung akar kecap Kudi jeung Hyang. Kudi dicokot tina basa sunda Kuno jeung hartina senjata anu miboga kakuatan gaib sakti, salaku jimat, tolak bala. Sedengkeun Hyang bisa disajajarkeun jeung Dewa dina sawatara Mitologi, tapi keur masarakat Sunda mah Hyang miboga harti jeung kalungguhan diluhureun Dewa. Sacara umum, kujang miboga harti pusaka anu miboga kakuatan nu salanati para Dewa.
Dina kamekaran kamajuan, tehnologi, budaya, sosial, jeung ekonomi masarakat Sunda. Kiwari kujang robah pungsina jadi barang anu miboga karakter jeun cenderung dipercaya miboga nilei simbolik sakral. Kujang miboga pungsi jeung wangun anu rineka. Dumasar kan pungsina, kujang miboga pungsi diantarana: Kujang pusaka (lambang kaagungan jeung pelindung kasalametan), kujang pamangkas (pakakas pikeun kebon), kujang pakarang (pikeun perang), kujang pangarak (salaku alat upacara). Sedengkeuun dumasar wangun bilah aya nu disebut kujang jago (nyarupaan wangun ayam jantan), kujang ciung (nyarupaan manuk ciung), kujang kuntul (nyarupaan manuk kuntul/bango), kujang badak (nyarupaan badak), kujang naga (nyarupaan sato mitologi naga), jeung kujang bangkong (menyerupai katak). Disagedengeun eta aya oge tipologi bilah kujang anu wanguna wayang kulit jeung tokoh awewe salaku simbul kasuburan.
6. Agrowisata
Salaku primadona Agrowisata, Cianjur miboga obyek-obyek wisata anu hade diantarana: Gunung Gede, Kebun Raya Cibodas, Istana Presiden Cipanas, Taman Mandala Kitri untuk kegiatan perkemahan Pramuka dan Remaja, Kota Bunga, sarta Taman Bunga Nusantara, obyek wisata Ziarah Makam Dalem Cikundul, nyaeta makan Bupati pertama sakitar abad 17, Danau Cirata anu wilayah perikanan Sistem Jaringan Terapung. Salian ti eta Cianjur miboga wilayah pantai di Cianjur Selatan anu jarakna kira-kira 120 km ti ibukota Cianjur, parkebunan Teh Puncak, jeung Pusat Berangbeuli Wisata.
- Taman Nasional Gunung Gede Pangrango
Salasahiji ti 33 Taman Nasional di Indonesia anu miboga flora jueng fauna anu rineka. Legana 15.196 Ha sarta luhurna 2.958 mdpm jeung Pangrango 3.019 mdpm. Aya sawatara kawah, dianatarana; kawah ratu, wadon, lanang jeung baru. Lokasi di Kecamatan Pacet jarak tempuh ti Jakarta kira-kira 80 km. Gunung Gede mangrupakeun tempat paling favorit keur naek gunung jeung kemping anu luhurna 2.958 meter. Puncak-puncakna bisa di tempo ti Cibodas kwcamatan Pacet supaya leuwih jelas.
Ti ka jauhan Gunung Pangrango sarupa jeung sagitiga nyonyos, tapi Gunung Gede sarupa jeung kubah. Kadua gunung anu ka asup di kawasan Taman Nasional Gunung Gede-Pangrango (TNGP) ieu miboga kaindahan alam anu masih keneh asli. Di Puncak Gunung Gede aya kawah aktif (anu meledag dina taun 1957) jeung aya jukut anu dikembangan ku kembang anu (Edelweis / Anapahlis javanica). Puncak anu lainna anu sok di datangan nyaeta Mandalawangi (3.002 m), Sukaratu (2.836 m), dan Gunung Gemuruh (2.928 m).
Ti puncak Gunung Gede bisa di tempo kota-kota anu deket nyaeta, Cipanas di belah kaler, Sukabumi di belah kidul, Bogor di barat laut, jeung Cianjur di belah wetan.
Sato anu aya di dieu diantarana owa (hylobates moloch), surili (Presbitis comata), lutung (Trachypithecus auratus), monyet (Macaca fascicularis), macan tutul (Panthera pardus), mencek (Muntiacus muntjak), dan elang jawa (Spizaelus bartelsii).
![]() | ![]() |
- Kebon Raya Cibodas
Kebon raya Cibodas mangrupa cagar alam anu miboga 1001 jenis pepelakan kaktus anu umurna leuwih ti 100 taun. Kebon raya Cibodas ayana di Desa Cimacan Pacet, Cianjur. Gunung leutik jangkungna sakitar 1.275 m suhu udarana 17-27 derajat Celcius. Kebon raya Cibodas ieu ayana ti taun 1852 ku Johannes Elias Teijsmann jeung mangrupa cabang ti Kebon Raya Bogor.
Kebon Raya Cibodas dekeut jeung tempat wisata anu lian na. Disabelaheun Kebon Raya Cibodas aya Bumi Perkemahan Mandala Kitri anu dikelola ku Pramuka. Aya oge lapangan golf, Bandung Asri Mulya.
Di bumi perkemahan Mandalawangi anu dikelola ku Perum Pehutani aya patung Dinosaurus, anu mere gambaran supaya kalestarian leweung ieu kudu dijaga ulah nepi ka eweuh saperti sato purba anu ngan aya sajarahna wungkul.
Salian ti eta, Kebon Raya Cibodas dekeut jeung Balai Besar Taman Nasional Gunung Gede Pangrango (TNGP).
Kebon Raya Cibodas (KRC) dimaksudkeun keur tempat koleksi ex situ (di luar habitat) keur pepelakan tropis baseuh dataran tinggi. Diantara anu dikoleksina nyaeta tangkal gede anu dilindungi saperti tusam jeung runjung, paku pagunungan, kaliandra, aya oge air terjun. Jarak ti gerbang KRC ka air terjun ngan ungkur 750 meter.
Koleksi anu paling khasna ti KRC nyaeta Taman Lumut Cibodas anu miboga 216 jenis lumut jeung lumut hati. Lega taman na 2500 m persegi.
n. Istana Presiden Cipanas
Diwangun dina taun 1740 ku warga Belanda ngaranna Van Heuts legana 25 Ha. Di sabudeureun istana aya gedung nu ngaranna gedung bentol, baheulana pernah dipake Presiden Sukarno nalika nyusun naskah kemerdekaan RI.
![]() | ![]() |
Lega Istana Cipanas 26 hektar, anu moboga gedung induk jeung tujuh paviliun, sarta dilengkepan ku sarana olahraga. Lega gedung mangrupakeun bangunan panggung anu legana 950 m2.
Tiap ruangan dieusian ku parangkat mebel, ukiran Jepara jeung koleksi lukisan-lukisan karya maestro: Basuki Abdullah, Dullah, Sudjojono dan Lee Man Kong. Salian ti eta bangunan-bangunan paviliun dingaranan ku tokoh-tokoh pawayangan.
- Taman Mandala Kitri, keur kagiatan kemping pramuka jeung barudak ngora.

- Kota Bunga
- Taman Bunga Nusantara
Taman anu legana 23 Ha beriklim tropis, hawana tiis matak deungdeuleueun. Loba koleksi kembang ti sawatara nagara di asia, Amerika, afrika, australia jueng Eropa. Pernahna di desa Kuwung Luwuk Sukaresmi. Taman ieu mimiti diresmikeun ku Ibu Tien Soeharto tanggal 10 September 1995.
![]() | ![]() | ![]() |
- Obyek Wisata Ziarah Makam Dalem Cikundul, nyaeta makan Bupati pertama sakitar abad 17.
![]() | ![]() | ![]() |
- Danau Cirata, anu wilayah perikanan Sistem Jaringan Terapung.
![]() | ![]() | ![]() |
- Laut di Cianjur Kidul
Cianjur Kidul miboga laut anu heunteu eleh kaendahana jeung laut-laut nu lian di Indonesia. Tapi, lautna teu di urus, jadi ka masyarakatna oge teu mere panghasilan. Anu jarakna kira-kira 120 km ti ibukota Cianjur.
![]() | ![]() | ![]() |
![]() | ![]() | ![]() |
- Perkebunan Teh Puncak
Panorama anu background-na kebon teh bisa ditempo ti puncak. Mangrupa agrowisata nu endah, sejuk juengg tingtrim, sawaktu-waktu sok loba halimun. Cocok pikeun kagiatan “Tea Walk” jeung Terbang Layang.
- Pusat Belanja Wisata
Sapanjang jalur Puncak-Cianjur loba hotel berbintang jeung hotel lianna, restoran nu nyadiakeun rupa-rupa kadaharan has, factory outlet, souvenir, bungbuahan, sayuran sarta kembnag / bonsai.
7. Kadaharan Khas
- Beas Pandanwangi
Beas Pandan Wangi nyaeta beas asli Cianjur mangrupa hiji-hijina beas anu paling alus anu teu dipanggihan di daerah anu lian jeung geus jadi khas Cianjur ti waktu ka waktu. Beas Pandan Wangi asalna tina pare bulu Varietas Local. Sabab sanguna anu aya rasaan pandan, sabab eta beas ieu ti tahun 1973 disebut “Pandan wangi”.
Kaunggulanna nyaeta wanda pare varietas lokal Cianjur anu ngahasilkeun beas Cianjur Asli Pandanwangi, Varietas Javonica atawa pare bulu, miboga kaunggulan rasa paling enak, pulen jeung rasa seungit pandan. Sabab rasana anu khas, jadi harga na oge lumayan mahal bisa jadi dua kali lipat tina beas biasa
Di Cianjur, sawah anu ngahasilkeun beas asli Cianjur ngan unkur Warungkondang, Cugenang, Cibeber, Cianjur, Cilaku dan Kecamatan Campaka jeung sabagian daerah Cianjur anu luhurna 700 meter diluhureun permukaan air laut.

Umur melakna 150-165 poe, tinggi tanaman 150-170 cm, untuk gabah (endosperm) bulat / gemuk berperut, bermutu, tahan rontok, berat 1000 butir gabah 300 gr, rasa nasi enak, beraroma pandan, kadar amylase 20% potensi hasil 6-7 Ton/Ha malai kering pungut.
Kandungan Giji
No | Parameter | Satuan | Hasil |
1 | Kadar Protein | % | 8,97 |
2 | Kadar Lemak | % | 0,32 |
3 | Kadar Gula Pereduksi | % | 63,39 |
4 | Fe | Ppm | 4,65 |
5 | Cu | Ppm | 6,42 |
6 | Kalori | Kg/g | 14.81 |
Tabel 1. Kandungan Gizi {Sumber Institut Pertanian Bogor (IPB) Tahun 200}
SENTRA PRODUKSI
Varietas lokal Pandanwangi cocok dipelak dina dataran anu sedeng jeung kaatinggian 700m DPL, anehna lamun dipelak salian tina katinggian 700m rasana beda, jeung seungitna oge euweuh.
Daerah Sentra Produksi
Kec. | Kel. Tani (BH) | Jumlah Anggota | Luas Sawah | Tani Pandan wangi | Dikom- sumsi | Dijual (Ton) |
Warung Kondang | 28 | 2.597 | 2.985 | 760 | 345 | 5.950 |
Cibeber | 20 | 818 | 3.200 | 315 | 216 | 1.864 |
Cuge-nang | 14 | 912 | 2.174 | 357 | 486 | - |
Cilaku | 31 | 412 | 2.574 | 210 | 143 | 1.329 |
Cianjur | 14 | 494 | 1.206 | 183 | 187 | 901 |
Cam-paka | 2 | 40 | 2.800 | 15 | 12 | 76 |
Jumlah | 78 | 4.870 | 14.939 | 1.876 | 1.374 | 11.527 |
Tabel 2. Daerah Sentra Produksi
PAMASARAN
Beas Cianjur Pandanwangi loba dijual di toko-toko jeung kios-kios beas anu aya di kota Cianjur, diwadahan dina ukuran ti mimiti anu 5 Kg-25 Kg. Harga biasana dijual antara Rp. 9000,00 - Rp. 12.000,00 /Kg kumaha kualitasna.
Kontak Bisnis
No | Nama Perusahaan | Alamat | Kapasitas Produksi Ton / Bulan | Merk Dagang |
1. | PB. Sukamulya | Kp. Cisurupan Ds. Sukamulya Warungkondang | 15 | Citra Sawargi Xiang Mi |
2. | PB. Cibinong | Kp. Cibinong RT. 03 / 07 Ds. Ciwalen Warungkondang | 5 | P. Wangi Kepala |
3. | PB. Pusaka | Ds. Bunikash RT. 26 / 07 warungkondang | 6 | Karya Tirta |
4. | PB. Wangun | RT. 09 / 03 Ds. Bunikasih Warungkondang | 6 | Karya Tirta |
5. | PB. Burung Nuri | Jl. Raya Seda Maya No. 160 Cibeber (0263) 334448 | 60 | Burung Nuri Elit Super |
6. | PB. Sugih Mukti | Kp. Songgom RT. 01 / 01 Ds. Cikondang Cibeber (0263) 334400 | 20 | Sugih Mukti |
7. | PB. Hikmah | Jl. Raya Cibeber KM. 13 (0263) 334177, 334277 | 5 | Hikmah |
8. | CV. Quasindo | Jl. Merak No. 25 Semarang 50174 Tlp. 024-3568515 Fax. 024-3581453 E-mail. Quasindo_smg@Yahoo.com | 15 | Xiang Mi |
9. | PB. Joglo | Cibinong Rancagoong (0263) 265602, 267596 | 60 | Istana Joglo Kepala |
10. | PB. Budi Asih | Jl. Cokroaminoto No. 28 Cianjur (0263) 261483 | 60 | Istana Joglo Kepala |
11. | PB. Sd. Asih | Jl. Babakan Pandan (0263) 266789 | 60 | - |
12. | PB. OKH | Jl. Raya Sukabumi Bayubud | 60 | - |
Tabel 3. Kota Bisnis
b. Tauco Jeung Manisan
Kadaharan Cianjur anu khas nyaeta tauco, anu dijieun tina kacang kedele, diolah sahingga saanggeus dipasak jeung dicampur cabe rawit, jadi deungeun sangu anu ngeunah dilengkepan jeung lalaban kadaharan sunda. Di Cianjur oge nyadiakeun rupa-rupa manisan, nyaeta jenis kadaharan tina rupa-rupa bung-buahan jeung rupa-rupa rasana, amis, haseum, jeung lada.
![]() | ![]() | ![]() |
8. Ciri Imah Nu Aya di Cianjur
Suku-suku di Indonesia miboga wangun jeung Rumah Adat. Rumah adatna aya nu miboga pungsi salaku tempat panngreueruhan tapi aya oge anu dijadikeun tempat karamat. Bahan anu digunakeunna nyaeta, umumna tina bahan alami, saperti kai, awi, injuk, jeung daun kalapa, batu jeung taneuh. Lian ti eta, wangunan rumah adat biasana jarang anu nepi kana taneuh. Hal eta pikeun sirkulasi, ngajauhkeun tina gangguan sato galak jeung sabangsaning oray. Husus di parahyangan, rumah adat biasana dibangun di luhureun taneuh kira-kira 40-60 cm.
Wangun suhunan imah di Sunda disaruakeun jeung kaayaan alam, jeng kabutuhan masyarakat urang Sunda. Di Parahyangan loba rupa imah, anu umumna di tembongkeun tina rupa suhunan atau hateup. Aya sababaraha susuhunan anu dipikanyaho ku masyarakat Sunda, contona suhunan jolopong atawa regol, suhunan tago atawa jogog anjing, suhunan badak heuay, suhunan parahu kumureb / nangkub, suhunan capit gunting, suhunan julang ngapak, suhunan buka palayu, dan buka pongpok.
Suhunan jolopong (pelana), mangrupakeun rupa imah anu suhunanna manjang. Suhunan imah jolopong biasa disebut suhunan panjang, gagajahan, jeung regol. Sedengkeun suhunan imah jogog atawa tagog anjing, wangunana saperti anjing anu keur diuk. Bagian hareup sarua jeung mulut anjing, ngiuhan emper imah.
Suhunan imah saperti badak heuay, biasana suhunanna sarua jeung suhunan imah tagog anjing, tapi di bagian luhur suhunanna aya tambahan atawa suhunan tukang jeung suhunan hareup aya anu sarua jeung badak heuay.
Suhunan imah parahu kumureb / nangkub, nyaeta potongan suhunanan anu sarua parahu tibalik (saperti gunung tangkubanperahu). Sedengkeun suhunan imah saperti capit gunting, nyaeta suhunan imah anu unggal tungtungna di gambaran ku kai anu sarupagunting anu siap rek nyapit. suhunan julang ngapak, ditempo tihareup suhunan kenca katuhu sarupa jeung jangjang manuk. Sedengkeun julang, suhunanna saloba opat juru menyambung ti sisi turun ka handap. Sambungan bagian tengah ngagunakeun tambahan sarupa gunting muka di bagian tungtungna. Julang ngapak wangunanna sarupa jeung manuk anu keur ngapung.
Suhunan imah buka palayu, nyaeta suhunan imah anu sarupa jeung suhunan imah adat Betawi jeung diherupna aya teras anu panjang. Sedengkeun buka pongpok, sarupa jeung buka palayu, ngan dina pantona disanghareupkeun ka jalan.
Masyarakat sunda dina zaman beheula mere ngaran-ngaran suhunan salaku salasahiji panghormatan ka alam sakurilingna. Ampir di unggal imah masih jarang aya paku atawa besi atawa alat bangunan modern anu lian na. Keur pamageuh antara tihang biasana make paseuk atawa tali tina injuk atawa tapas. Sedengkeun suhunan salaku panutup imah ngagunakeun injuk, daun kelapa, masih keneh jarang anu ngagunakeun kenteng.
- UNSUR SISTEM BASA
Basa sapopoe anu digunakeun ku masyarakat Cianjur nyaeta Basa Sunda Lemes. Masyarakat Cianjur geus kawentar ku kalemesan tina basana, tina sakabeh tingkatan basa sunda atawa undak usuk basa dina basa sunda, masyarakat ngagunakeun tingkat basa anu paling sopan. Dina basa sunda, ngomong kanu leuwih kolot, leuwih ngora, sasama, leuwih handap atawa luhur pangkat darajatna teu sarua, kitu oge ka sasatoan. Ngomong ka sasatoan mangrupakeun tingkatan basa anu paling kasar.
- UNSUR SISTEM AGAMA
Masyarakat Cianjur loba penduduk muslim anu leket kana agamana jeung penceg kana norma-norma agamana, ieu dibuktikeun jeung ayana program Gerbang Marhamah anu mangrupa singgetan tina Gerakan Pembangunan Masyarakat Berakhlakul Karimah. Program ieu dimimitian ping 1 Muharam 1422 atawa ping 26 Maret 2001 dina rangka ningkatkeun akhlak salaku tolak ukur anu bakal nentukeun hade gorengna kahirupan manusia.
- UNSUR SISTEM PENGETAHUAN
Cianjur geus ngawarisan papagon hirup ti karuhunna, nyaeta bisa jeung mampuh nembogkeun kualitas hirup dina tataran:
1. Maos (Maca)
Maos bisa dieberehkeun dina tilu tiga post_category MACA (maca pikeun mikanyaho, ngama’naan jeung ngaaktualisasikeuna dina paripolah sapopoe), dina wacan Sunda aya tilu kamampuh MACA, nyaeta: dalam wacana Sunda ada tiga kemampuan MACA, yaitu:
a. Maca Uga dina Waruga: mampuh maham kualitas diri, kontemplasi, introspeksi diri.
b. Maca Uga Waruga Jagat: mampuh maham kaayaan lingkungan hirup makro.
c. Maca Uga dina Aksara: mampuh maham elmu pangaweruh nu aya dina basa/aksara.
2. Ngaos (Ngaji Qur’an)
Ngaos nyaeta tradisi ngaji anu ngahirup huripkeun cianjur jeung masarakat anu leket kana agamana.
3. Mamaos (Tembang Cianjuran)
Mamaos hartina kamampuh ngahaleuang dina wanda tembang Sunda/Cianjuran. Lamun ku urang ditengetan, tembang sunda/Cianjuran miboga falsafah hirup anu luhur pisan boh dina wirahma, boh ornamen laguna jeung rumpaka laguna
4. Maenpo (Silat)
Maenpo disebut oge kamampuh dina silat, pencak silat, ameng. Po asal kecapna tinabasa Cina po = males, silih bales, sabab dina silat pasti silih bales nyaeta dina nyerang jeung mertahankeun. Kamampuh silat jadi tanda kamampuh dirina dina nyanghareupan bahaya sarta ngalatihh kasabaran, kasadaran jeung kawani.

Ti baheula, Cianjur dipikawanoh ku Seni Bela Diri Pencak Silat anu ngahasilkeun aliran Cikalong, Cimande dan Sabandar.
Anu nyebarkeun aliran Pencak Silat Cikalong nyaeta R. Djajaperbata (R.H. Ibrahim). Aliran ieu miboga ciri kaulinan rasa nyaeta kapekaan (sensitivitas) rasa anu bisa maca sagala gerak lawan dina waktu awak keur paadeuk jeung bisa ngalumpuhkeun. Salian ti eta, ciri na nyaeta ulin peupeuhan (Ilmu pukulan) anu ngandeulkeun kacepatan gerak jeung ledak. R.H. Ibrahim ngantunkeun dina taun 1906, dimakamkeun di pamakaman kaluarga Dalem Cikundul, Cikalong Kulon Cianjur.
Dina waktu nu sarua, di Cianjur aya tokoh Pencak Silat, Muhammad Kosim di Kampung Sabandar Karang Tengah Cianjur dipikawanoh ku Mama Sabandar. Ciri aliran ieu nyaeta ahli dina ngaluarkeun tanaga (Liliwatan).
Dina waktu kamajuanna, Pencak Silat Cianjur ngahasilkeun aliran-aliran anyar: aliran Cikaret, Bojongherang jeung sajabana. Dina silat, Cianjur loba ngahasilkeun tokoh-tokoh: R. Abah M. Sirod, R. Didi Muhtadi (Gan Didi), R.O. Saleh (Gan Uweh), Abah Aleh, R. Idrus, R. Muhidin dll. Salian ti eta aya oge tokoh Maenpo (Pencak Silat Peupeuhan): Rd. H. Ibrahim, H. Toha, Aa Dai, Wa Acep Tarmidi, Abah Salim, Adung Rais dan nu liana.
5. Ngibing (Tari Tradisional)
Ngibing atawa ngigel. Kamapuh pikeun nembongkeun kasaluyuan etika, ngalatih kaendahan bahasa tubuh (kinestetika) jeung harmoni kahirupan. Di Sunda dipikawanoh istilah ngigelan jeung ngigelkeun jaman, annu digunakeun salaku visi misi komunitas sundanet.com nyaeta mampuh nyaluyukeun diri jeung kahirupan global-mondial tanpa kaleungitan jati diri. Teu ngan saukur jadi obyek tapi jadi obyek dina hirup kumbuhna manusa lokal, nasional jeung internasional.
6. Seueur Artos
Seueur Artos, dina harti kamampuh pikeun nyukupan kabutuhana sacara bersih, halal jeung teu sarakah. Lamun hal ieu dijadikeun papagon bakal ngaronjatkeun kualitas SDM nu unggul, etos kerjana luhur, miboga kualitas persaingan nu hade.
- UNSUR PAKASABAN
Lahan-lahan pertanian pepelakan pangan jeung holtikultura, peternakan, perikanan jeung perkebunan mangrupakeun sumber kahirupan keur masarakat. Kaayaan eta didukung ku ayana walungan leutik anu dimanfaatkeun salaku sumber daya pengairan pepelakan pertanian.
Pakasaban nu utama penduduk kabupaten Cianjur dina pertanian nyaeta 52,00 %, perdagangan 23,00 %. Sektor pertanian mangrupakeun paling gede nu nyumbang ka PDRB Kabupaten Cianjur nyaeta sekitar 42,80 % jeung sektor perdagangan sekitar 24,62%.
Cianjur miboga fauna khas nyaeta hayam pelung. Ke-khas-an hayam pelung nyaeta kongkorokna anu ngawirahma, lewih ngeunah didengena jeung leuwih panjang tibatan hayam jenis lian na. Secara genetika hayam pelung miboga sawatara kaonjoyan nyaeta:
1. Awak: gede jeung kuat
2. Ceker: Panjang jeung gede, pulasna hideung, hejo, koneng jeung bodas
3. Pial: gede, buleud, jeung beureum.
4. Jengger: gede, kandel, jeung tegak, sawatar miring-miring, pulasna beureum jeung wangun na tunggal.
5. Pulas bulu: henteu miboga pulas khas, tapi umumna campuran beureum jeung hideung ; koneng jeung bodas ; atawa campuran pulas hejo mengkilat.
Di Cianjur aya dua paternakan jeung pambibitan hayam pelung anu, nyaeta di daerah kacamatan Warungkondang jeung di Bojongherang.
Kamekaran usaha perikanan air tawar jeung laut di Kabupaten Cianjur cukup potensial. Sababaraha faktor nu ngarojong nyaeta: jumlah penduduk anu relatif loba sarta ayana lahan budidaya ikan air tawar jeung ikan air laut. Usaha pertambangan ikan jeung ngala lauk di laut miboga peluang nu cukup gede di wilayaah cianjur selatan, khususna di basisir cidaun nepika agrabinta. Diwilayah eta mimiti di melkarkeun budidaya hurang, sedangkeun budidaya ikan tawar masih miboga peluang di wilayah cianjur utara jeung cianjur tengah. Aya oge budidaya ikan hias, mina padi, kolam air deras, jeung karamba, sarta usaha jaring terpung didanau cirata. .
Perkebunan di Kabupaten Cianjur loba kira-kira 19,4 % tina sakaber lahan perkebunan. Salila ieu dikokolakeun ku Perkebunan Besar Negara (PBN) seluas 10.709 hektar, Perkebunan Besar Swasta (PBS) sekitar 20.174 hektar jeung Perkebunan Rakyat (PR) seluas 37.167 hektar. Produktivitas teh rakyat mampuh ngahontal antara 1.400 - 1.500 kg teh kering per hektar. Sedengkeun nu di kokola ku perkebunan besar rata-rata ngahontal di luruh 2.000 kg per hektar.
- UNSUR SISTEM KAMASYARAKATAN
Kawinan Adat Sunda
Adat Sunda mangrupa salasahiji pilihan calon panganten nu rek hajat. Hususna panganten nu asalna tina Sunda. Anapon runtuyan acarana bisa dititenan di handap ieu.
1. Nendeun Omong, nyaeta omongan kolot atawa wali pihak panganten lalaki nu rek ngalamar awewe.
2. Lamaran. Dilaksanakeun ku kolot calon panganten lalalki sarta kulawarga deukeutna. Aya hiji aki-aki nu mingpin acarana. Mawa lamareun atawa seureuh sapuratina, pakean awewe sapuratina salaku pameungkeut. Cincin teu kudu sibawa, lamun dibawa biasana cincin meneng ngalambangkeun kemantapan jeung kaabadian.
3. Tunangan. patuker beubeur tameuh, nyaeta pamasrahhan beubeur awewe pulas katumbiri atawa polos ka calon panganten awewe.
4. Seserahan (3 -7 poe saacan hajat). Calon panganten lalaki mawa duit, pakean, parabot dapur, kadahareun, jste.
5. Ngeuyeuk seureuh (opsional, lamun ngeuyeuk seureuh henteu dilakukeun, maka seserahan dilaksanakeun saacan akad nikah.)
a. Dipingpin pangeuyeuk.
b. Pangeuyek wejangan calon panagnten menta idin jeungg doa restu ti kolot sewang-sewangan sarta kolotna mere nasehat ngaliwatan lambang-lambang atawa barang anu disadiakeun parawanten, pangradinan, dsb.
c. Dipirig lagu kidung ku pangeuyeuk
d. Disawer beas, supaya hirup sejahtera.
e. Dikeprak ku sapu lidi dibarengan ku nasehat supaya bisa dirojong ku kaasih jeung geten dina gawe.
f. Muka lawon bodas panutup pangeuyeuk. Ngalambangkeun rumah tangga nu rek dijalankeun masih bersih jeung suci.
g. Meulah mayang jambe jeung buah jambe (ku calon panganten lalaki) maknana pikeun bisa silih simbeuhan ku kaasih jeung bisa nyaluyukeun.
h. Nutu halu kana lumpang lobana tilu kali (ku calon panganten lalaki)
6. Nyieun lungkun. Dua lembar seureuh nu masih aya areuyan di sirih bertangkai pada-pada nyanghareup. Digulungkeun, dibeungkeut kuu bola kanteh, dituturkeun ku kolot sewang-sewangan jeung tamu nu hadir. Maknan lamunmeunang rejeki leuwih bisa mere ka batur jeung ka sasama.
7. Parebut duit di handapeun samak bari disawer, ngalambangkeun lomba neangan rejeki jeung dipikanyaah ku kulawarga.
8. Upacara Prosesi Pernikahan
- Penjemputan calon pengantin pria.
Saacan akad nikah dimimitian, diayakeun heula upacara penjemputan calon panganten lalaki. Hal ieu mangrupa adat sopan santun atawa tatakrama nu geus jadi kabaisaan nyaeta ayana silih hargaan. Sabada upacara penjempulan, calon panganten awewe dibageakeun jeung dititah diuk digigireun calon panganten lalaki dituluykeun ka upacara akad nikah.
- Ngabageakeun, indung calon panganten awewe ngabageakeun ku cara masangkeun kalung kembang malati ka calon panganten lalaki, tuluy digedeng ku kollotna sangkann asup ka bale nyungcung.
- Akad nikah, petugas KUA, para saksi, panganten lalaki geus aya di tempat akad nikah. Kolot awewe ngajemput panganten awewe ti kamar tuluy diuk digigireun calon panganten lalaki jeung ditiungan ku tiung panjang, anu hartina ngahijikeun dua insan masih murni.
- Sungkeman,
- Wejangan, ku bapana panganten awewe jeung kulawargana.
- Saweran, panganten diuk na korsi. Saweran dipirig ku pantun sawer. Eusina ngeunaan nasehat-nasehat. Panganten disawer ku beas, koneng ka luhureun payung.
- Meuleum harupat, panganten awewe ngahurungkeun harupat. Harupat dibanjur cai ku panganten aweawe tuluy dipotongkeun ku panganten lalaki.
- Nincak endog, pengantin pria menginjak telur dan elekan sampai pecah. Lantas kakinya dicuci dengan air bunga dan dilap pengantin wanita.
- Buka pintu. Dimimitian ku ngetrok panto tilu kali, diayakeun paguneman ku pantun nu silih tembal ti luar jeung ti jero imah. Sabada kalimah syahadat dibacakeun, panto dibuka. Panganten asup ka bale nyunngcung.
- UNSUR KASENIAN
1. Tembang Cianjuran
Sabenerna ngaran kasenian tembang Cianjuran nyaeta mamaos. Dingaranan tembang Sunda Cianjuran dina taun 1930-an jeung diistrenan taun 1962 nalika diayakeun Musyawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung. Seni mamaos mangrupa seni vokal sunda nu alat musikna kacapi indung, kacapi rinci, suling, atawa rebab. Ajen nu dikandungna teu ngan estetika hungkul, tapi ogegawe bareng jeung kretivitas. Ajen kretivitas henteu katembong tina kaparigelan pamaen dina sisindiran wungkul, tapi oge dina pangadopsian jenis-jenis kasenian lian na (degung) tanpa ngalengitkeun jati diri mamaos Cianjuran.
Mimitina mamaos miboga fungsi salaku musik hiburan. Alat silaturahmi diantara kaum menak. Tapi kiwari disagedeungeun masih aya fungsi nusabenerna, oge geus jadi seni hiburan anu sifatna profit. Mamaos oge dipake dina hajatan kawinan, hitanan, jeung hajat lian na.
2. Seni Rengkong
Rengkong mangrupakeun salasahiji kasenian tradisional anu diwariskeun ku karuhun masyarakat sunda. Kasenian ieu mimiti aya taun 1964 di kabupaten Cianjur. Wangun kaesenian na dipikawanoh ku masyarakat baheula nalika melak pare nepika manen. Zaman harita can aya alat transportasi pikeun ngangkut pare ka lleuit. Patani ngagunakeun awi salaku alat nanggung pare. Tanggungan eta bisa mawa 10-20 kg nu di talian ku tali injuk. Unggal lempang tanggungan eta ngahasilkeun sora tina gesekan antara tali injuk jeung tanggungan. Mimiti harita kasenian rengkong aya. Rengkong hartina alat pikeun naggung pare ti sawah ka leuit.
Alat keur maenkeun seni rengkong kawilang basajan. Alat-alatna diantarana awi gombong, tali injuk, minyak tanah, pare sapocong. Awi gombong fungsina pikeun tanggungan, injuk fungsina pikeun pamengkeut pare nu di gantung dina tanggungan, minyak tanah fungsina supaya keset. Dogdog jeung angklung buncis mangrupakeun alat pengiring nu lian. Hatong digunakan salaku instrumen pembantu. Hatong mangrupakeun alat tiup anu dijieun tina awi.
3. Kuda Kosong sebagai simbol keperkasaan
Pawai “kuda kosong” anu ti baheula dipintonkeun dina unggal upacara kanegaraan Cianjur, maksudna keur ngingetkeun kana sajarah perjuangan para Bupati Cianjur zaman baheula. Nalika Cianjur dipimpin ku Bupati R.A. Wira Tanu nu pernah jadi Dalem Pamoyanan R.A.A. Wiratanudatar II, bupati diwajibkeunn mere upeti hasil palawija ka Sunan Mataram di Jawa Tengah.
Seni kuda kosong geus mimiti jarang dipintonkeun, sabab dianggap nyimpang jeung ngandung unsur mistis. Teu saeutikk budaya cianjur nu leungit jeung tereh leungit. Saperti seni bangkong reang di Kec. Pagelaran, seni tanjidor di Kec. Cilakong, goong renteng di Kec. Agrabinta, seni rudat di Kec. Kadupandak, dan seni reak di Kec. Cibeber. Seni tembang cianjuran salaku warisan budaya ciptaan Kangjeng Raden Aria Adipati Kusumaningrat atawa Dalem Pancaniti Bupati Cianjur (1834-1861) ampir leungit.
Tah eta suasana jeung karakter masyarakat Cianjur, bisa diklasifikasikeun salaku masyarakat anu:
- Religius-islami,
- Resep kana kaendahan,
- Ngahargaan kawani,
- Etos kerja nu luhur,
- Ngamangfaatkeun lahan, tata ruang jeung hasil optimal.
KACINDEKAN & SARAN
C. Kacindekan
Kabudayaan di Cianjur miboga tujuh unsur, diantarana:
1. Unsur teknologi jeung alat produksi. Misalna senjata tradisional kujang anu kiwari geus beda pungsina jadi hiasan jeung alat pusaka. Salian ti eta Cianjur oge miboga kadaharan khas saperti beas Pandan Wangi, manisan Cianjur jeung tauco.
2. Unsur basa, masyarakat Cianjur ngagunakeun basa sunda anu lemes dina sapopoena.
3. Unsur sistem religi anu masih aya didaerah Cianjur, dibuktikeun ku ayana program Gerbang Marhamah anu mangrupa singgetan tina Gerakan Pembangunan Masyarakat Berakhlakul Karimah.
4. Unsur sistem pangetahuan, masyarakat Cianjur geus ngawariskeun papagon hirup ti karuhun na, nyaeta Ngaos, Maos, Mamaos, Maenpo, jeung Ngibing.
5. Unsur sistem pakasaban, anu di dominasi sektor sektor pertanian.
6. Unsur sistem kemasyarakatan. Di Cianjur masyarakat loba anu nganut sistem-sistem adat saperti sistem perkawinan.
7. Unsur kasenian. Kota Cianjur moboga loba kasenian jeung tradisi anu masih sok dipanggihan dina zaman modern ieu.
D. Saran
Cianjur miboga rupa-rupa budaya. Geus waktuna generasi muda mikanyaah jeung ngalestarikeun sagala ka ayaan jeung potensi anu geus aya di Cianju.sabab kabudayaan mangrupa warisan ti karuhun anu ulah dileungitkeun. Ku sabab eta, masyarakat jeung pamarentah kudu ngiluan dina ngalestarikeun kabudayaan Cianjur. Kiwari, pamarentah Cianjur geus ngalestarikeun kabudayaan Cianjur anu cukup, tapi kuduna mah leuwih ditingkatkeun deui intensitasna, sahingga rasa nyaah generasi muda moal leungit.
RUJUKAN
Koswara, Dedi Spk.
1987 | Naskah Sunda Kuno di Kabupaten Cianjur, Proyek Penelitian IKIP Bandung. IKIP Bandung: Bandung. |
Suryaningrat, Bayu
1982 | Mengenal Kabupaten Daerah Tingkat II Cianjur. Pemda Cianjur: Cianjur. |
Moriyama, Mikihiro
2005 | Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19’. Kepustakaan Populer Gramedia: Jakarta. |
Ekadjati, Edi S.Tinjauan.
Geneologi dan Pancakaki Urang Sunda. Makalah. |
Garna, Judistira K.
Orang Sunda dari masa ke masa. Makalah. |
Drs. Rieza Dienaputra M.Hum.
2003 | Cianjur antara Buitenzoorg dan Priangan. Naskah Buku. |
Drs.Ade Nendang R.J.A. M.Hum.
1995 | Babad Menak-menak Sunda-Sajarah Bopati-bopati Cianjur. UNPAS. |