| BUDAYA DAN BAHASA SUNDA |
| Ku : Warnia Neng Nurjanah 208 400 654 BPI / V / B |
[UPACARA WALIMATUL URUSY DI NARINGGUL, CIANJUR SELATAN] DIAJENGKEUN PIKEUN NYUMPONAN SALASAHIJI PANCEN MATA KULIAH BUDAYA & BAHASA SUNDA |
JURUSAN BIMBINGAN PENYULUHAN ISLAM FAKULTAS DAKWAH DAN KOMUNIKASI UNIVERSITAS ISLAM NEGERI SUNAN GUNUNG DJATI BANDUNG 2010 |
PANGJAJAP
Diamparan ku Basmalah bubuka lalangse hate, sangkan bagja tinekanan, najan sakabeh awak-awakan sadar yen dina lumaku sajeroning hirup karempan jeung kahariwang nu manjang datang dina angen satiap inssan, kitu deui dina nyinghareupan poe anu bakal datang, sok sieun leungiteun basa, budaya jeung seni warisan ti sepuh-sepuh urang, saupami urang nitenan kanyataan nonoman kiwari anu ampir leungit jati dirina salaku urang Sunda, boh basa, budaya jeung paripolahna.
Satemenna kabagjaan mangrupa rohmat jeung karunia Allah Subhanahu Wata’ala anu ngarupakeun hak sakumna manusa. Tatar Sunda nu ditakdirkeun hiji lemah cai anu subur turta endah dibarengan ku masyarakatna anu religius tur someah ka semah bari mibanda basa jeung budaya nu nyongcolang salaku ajen jeung inajen diri anu dipatri dina kaluhungan hirup anu resep silih asih tulungan jeung silih tungtun dina ngajalankeun kahadean.
Bandung, September 2010
Nu Nyusun
EUSI
PANGJAJAP................................................................................................................. EUSI.............................................................................................................................. A. Ngalamar........................................................................................................... B. Ngaras & siraman calon panganten................................................................... C. Sungkeman........................................................................................................ D. Sawer panganten............................................................................................... E. Meuleum harupat.............................................................................................. F. Nincak endog.................................................................................................... G. Buka panto........................................................................................................ H. Huap lingkung................................................................................................... PANUTUP.................................................................................................................... | i ii 1 1 2 2 3 3 4 4 5 |
UPACARA WALIMATUL URUSY’
DI NARINGGUL, CIANJUR SELATAN
Upacara walimatul urusy’ anu sok di laksanakeun di Cianjur selatan, nyaeta di Naringgul, loba pisan tatacara timimiti ngalar nepika akad. Sabab eta, sim kuring bade ngajelaskeun tatacara walimatul urusy anu sok dilaksanakeun di Naringgul.
A. NGALAMAR
Ilaharna sok rongkah, atawa sekurang-kurangna sed ti sasari hajat ngawinkeun mah. Kudu waẻ ondang-ondang, najan sakumaha basajanna ogẻ, copẻlna baraya jeung tetangga anu dareukeut. Sok komo anu hajatna rongkah mah, undangan tẻh teu sirikan ngabrul ti mana mendi. Kitu mungguhing tali paranti dina kawin anu ilahar dipilampah ku urang Cianjur. Asa langka kabẻjakeun anu kawin rerencepan mah.
Kumaha prak-prakan kawinan dina tradisi Cianjur, tangtu urang ogẻ geus loba anu kungsi nyaksian; ti mimiti ngaras jeung siraman calon panganten, seserahan, walimah, nyawẻr, buka pintu, tepi ka huap lingkung. Ari anu poko mungguh agama Islam ungkur lebah walimah atawa upacara akadnya, da ari runtuyan upacara sẻjẻnna mah ungkur kaasup kana tradisi, anu dina prak migawẻna sok dumasar kana ciri sabumi cara sadesa.
Lamun kolotna jajaka jeung kolotna mojang geus sapuk rẻk bẻbẻsanan, kolot jajaka datang ka kolot mojang, nyaẻta baris ngayakeun acara ngalamar. Ilaharna mah acara ngalamar tẻh lumangsungna kira-kira tabuh setengah tujuh peuting, tempatnya di imah kolot mojang.
Anggangna waktu ti ngalamar tepi ka cundukna kawinan henteu ditangtukeun kudu sakitu Minggu atawa sakitu bulan, umpamana. Ẻta mah gumantung kana kasadiaan ti dua pihakanana; biasana mah tara pati lila nepi ka mulan-malẻn.
B. NGARAS & SIRAMAN CALON PANGANTEN
Ngaras hartosna munggas atawa meresihan diri tina sugining karumaosan kalepatan diantara putra sareng ibuna. Diantara anu kudu disiapkeun kanggo upacara ngaras, nyaeta:
1. Kendi
2. Gayung
3. Kembang melati
4. Lawon bodas
5. Anduk
6. Saung piken siraman
7. Korsi
8. Minyak seungit
Upacara ngaras biasa dilaksanakeun sadinten sateuacan walimatul urusy. Upacara ngaras mangrupikeun akhlakul karimah murangkalih anu soleh seja ngabakti ka ibu ramana, sangkan kenging ridho Allah. Cara ngalaksanakeun upacara ngaras:
1. Ibu ngadeg di kenca, teras ramana ngadeg di palih katuhu.
2. Ibu ramana calik dina korsi, teras calon panganten deku di payuneun ibu ramana
3. Teras sungkem
Saparantos rengse acara sungkeman, diteraskeun kana acara siraman. Calon panganten di gandeng ku ibu ramana nuju ka saung siraman.
C. SUNGKEMAN
Sungkeman dilaksanakeun sabada akad nikah, yen dina ngawangun rumah tangga, urang moal tiasa leupas tina pangjurung sareng doana ti indung bapa, indung tunggulna rahayu, bapa catang nu darajat, nyaah jeung deudeuh moal pegat najan tos katalian ku beungkeutan laki rabi.
D. SAWER PANGANTEN
Dina upacara adat kawinan urang Cianjur aya anu disebut nyawẻr. Nyawẻr asal kecapnya tina “awẻr” nyaẻta mangrupa sipat barang ẻncẻr nu muragna mawur. panyawẻran ogẻ nuduhkeun tempat cai rag-rag uwar-awẻr tina hateup.
Baheula, kabiasaan dina nyawẻr tẻh makẻ dangding, hususna paranti nyawẻr, kitu deui guguritana ogẻ make syair paranti nyawẻr nyaẻta 4 jajar 4 jajar. Nilik ka dinya, tali paranti sabadana walimah nu disebut nyawẻr tẻh loyogna patali jeung dua hal, nyaẻta:
1. Dumeh waktunya nyawẻr Ki Juru Sawẻr sok ngawur-ngawur eusi bokor. Bahan anu diperlukeun keur nyawẻr: bẻas, duit rẻcẻh, permen, tektek, jeung sajabana.
2. Nyawaẻr tẻh biasana sok dipilampah di panyawẻran. Kawasan ieu hal anu disebut sawẻr tẻh, dumeh dilakukeunana di panyawẻran.
Dina waktu Ki Juru Sawẻr ngarenghap, biasana sabada tamat sabagian syair, eusi bokor tẻh sok dicomot, wur diawurkeun ka luhureun payung panganten anu dariuk dina taweuran, atawa sakurilingeunana. Ki Juru Sawẻr ogẻ nyawẻrna tah bari nangtung di ẻmper hareup atawa dina golodog.
Kiwari, lalaguan nyawẻr tẻh nurutkeun kareseup nu nyawẻ baẻ. Malah tembangnya tẻh makẻ tembang macapat. Jadi, guguritanana ogẻ guguritan tembang. Babakuna anu rẻk dipake tẻh puguh anu parondok, seperti Kinanyi jeung Asmarandana. Jeung nyawẻr mah sok ribut, cek-cok paciweuh nepi ka nu nyawẻr tẻh kaganggu, kabiasaan ayeuna mah eusi bokor teh diawurkeunana tẻh satuntasna.
Sabada sanduk-sanduk amitan rẻk nyelang nyawẻr, biasanya Ki Juru Sawẻr sok nerangkeun k anu araya di dinya. Ari saliwatan mah ngawur-ngawur beas, duit, permen jeung eusi bokor tẻh kawas pisan anu mẻrẻ conto ka panganten kudu ngamonyah-monyah rezeki teu puguh. Padahal, saenyana mah sabalikna ti ẻta.
E. MEULEUM HARUPAT
Carana panganten pahareu-hareup, nu lalaki nyepeng harupat terus disundut, istrina nyepeng kendi isi cai, harupat anu hurung diasupkeun kana kendi. Ngandung harti yen nu jadi salaki ulah getas harupateun, ulah teu kaopan, ulah sakulit bawang dina nyanghareupan adat atawa laku lampah nu jadi pamajikan, oge kitu sabalikna yen nu jadi pamajikan ulah jadi kompor nu bias nyeungeut amarah anu jadi salaki, anggur kudu jadi panggeuing
F. NINCAK ENDOG
Tujuan nincak endog, yen kolot baheula geus ngawawadianan masalah hubungan sex salaki pamajikan, dua-duana kudu pada ikhlas, pamajikan teu meunang mondah kahayang salaki najan kumaha bae. Sabab bisa jadi dosa, dina ngalaksanakeun kawajiban ulah hayang meunang sorangan. Tur kacida teu meunang boh salaki, boh pamajikan ngucah ngaceh rusiah rumah tangga utamana kakurangan anu aya dina diri masing-masing.
G. BUKA PANTO
Ieu oge adat nu kacida hadean, tur ku urang kudu di aji jerona pamaksudan. Memeh asup panganten awewe tos tiheula terus lawang panto teh ditutup ku samping kebat. Lalakina tetep diluar, biasana pake juru kawih lalaki jeung awewe. Ieu tata cara buka panto ku urang kudu dilenyepan, geuning kolot baheulamah tos ngajarkeun yen awewe anu tos boga salaki teu meunang narima semah kitu bae, majar teh bisi aya jurig nyiliwuri. Antukna bisa jadi fitnah nu bakal mawa mamala pikeun hiji rumah tangga. Payus pisan da ajaran islam oge pamajikan teu meunang narima semah nu lain mahramna dina waktu salakina teu nyampak.
H. HUAP LINGKUNG
Dina acara huap lingkung biasana dua panganten nyepeng bakakak hayam, pek dibetot ku duanana, ngandung harti yen salaki jeung pamajikan teu meunang pakia-kia dina usaha. Gede jeung leutikna pangarah teu jadi ukuran nu penting duanana pada-pada ikhlas. Teras indung bapa ka dua panganten ngahuapan, huap anu panungtung, dimana tos ngarumah tangga mah, hirup teh kudu mandiri ulah tepi kadisaeuran bae ku kolot. Rengse eta dua nana silih huapan yen dua nana kudu silih mika asih, silih pika nyaah teu ka wates ku waktu.
PANUTUP
Tata cara walimatul urusy anu sok dilaksanakeun di Naringgul, diantawisna:
a. Ngalamar
b. Ngaras jeung siraman: ngaras hartosna munggas atawa meresihan diri tina sugining karumaosan kalepatan diantara putra sareng ibuna.
c. Sungkeman
d. Sawer panganten: nyawẻr asal kecapnya tina “awẻr” nyaẻta mangrupa sipat barang ẻncẻr nu muragna mawur. panyawẻran ogẻ nuduhkeun tempat cai rag-rag uwar-awẻr tina hateup.
e. Meuleum harupat
f. Nincak endog
g. Buka panto
h. Huap lingkung: dina acara huap lingkung biasana dua panganten nyepeng bakakak hayam, pek dibetot ku duanana, ngandung harti yen salaki jeung pamajikan teu meunang pakia-kia dina usaha.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar